Ad Unit (Iklan) BIG

Bulan Rajab

Posting Komentar



Tug nepi ka taun 90-an katompérnakeun, masih sok aya basa ti masyarakat Islam nalika bulan hijiryah geus asup Rajab: " Geus kaambeu hawa puasa." Pihartieunnana, rasa sono masyarakat kana kaayaan bulan puasa geus ngahiji sagulung-sagalang antara dirina jeung ieu alam.

Dina minggonan ogé jejer anu diguar ku para ajengan moal jauh tina naon aku kudu dilakonan ku umat salila dua bulan saméméh ngalakonan puasa. Asup bulan Rajab alusna dieusi ku nedunan puasa sunat.

Basajan alesannana ogé, itung-itung latihan puasa wé, saméméh ngalakonan puasa wajib. Iwal ti éta, anu jadi ajengan sok ngelingan, ka warga masyarakat anu masih boga hutang ngodoan puasa, alusna kodoan heula saméméh tanggal 15 Rewah.

Rajab mangrupa salah sahiji bulan haram dina Islam, pihartieun asalna mah, dina ieu bulan masyarakat Arab teu dimeunangkeun ngalakonan tradisi rajapati samodél perang. Nya ari sakuduna mah anu ngaranna perang jeung papaséaan mah teu meunang dilakonan dina bulan naon baé ogé.

Nalika Islam sumebar di Tatar Pasundan jeung di wewengkon Nusantara, ku para wali jeung ajengan teu diguar pasualan larangan perang di bulan-bulan haram. Para ajengan leuwih meredih ka masyarakat sangkan beuki ngaraketkeun tali duduluran dina bulan Rajab, silih hampura, jeung kudu nyiapkeun lahir batin saméméh asup kana bulan puasa.

Cindekna, para ajengan miboga stratégi dina ngajelaskeun hiji pasualan kalawan kontékstual bari cocog jeung alam pikir masyarakat Sunda. Sikep akomodatif jeung apal kana psikologi masyarakat ieu pisan anu ngalantarankeun ajaran Islam bisa gampang ditarima ku masyarakat Sunda.

Iwal ti pikiran geus hayang asup kana bulan puasa, dina bulan Rajab ogé geus jadi tradisi dilumangsungkeunna rajaban. Rajaban henteu jauh béda jeung muludan, masyarakat ngumpul ngariung di masigit, rupaning kuwéh jeung inuman disuguhkeun. Atuh keur barudak mah kaayaan modél kitu téh asa diulangtaunkeun, sababari ngadéngékeun pangajian sungut samutut, dua leungeun ngeupeul kadaharan séjén. Keuna ku paribasa ngeupeul ngahuapkeun téa, jigana.

Budak anu rada pinter mah sok ngahaja diuk ogé gigireun ajengan. Da ceunah, ambéh deukeut kana rupaning kadaharan ngeunah anu disuguhkeun ka ajengan jeung inohong lembur. Bédana kadaharan anu disuguhkeun antara ka ajengan jeung masyarakat biasa sabenerna lain keur ngabéda-béda, éta mah ngan saukur keur némbongkeun sikep hormat baé.

Peupeuriheun ka ajengan anu geus ngatik barudak teu bisa méré duit, atuh sataun sakali mah teu kudu jadi pangbeubeurat ngabagéakeun ajengan ku susuguh rupaning kadaharan anu ngarareunah. Ongkohna, kadaharan anu disuguhkeun ogé antukna mah didahar ku barudak-barudak kénéh. Ajengan harita mah tara beberengkes jeung kadedemes, kumaha baé dibéréna ku masyarakat, narima.

Naskah : Kang Warsa Panyatur : Kang Dewa
Kang Warsa
Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Informasi Lainnya

Posting Komentar

Berlangganan